Senin, 28 Oktober 2013

Jafunisun - Tahu Sumedang


Tahu sumedang
Tahu nu matak sono
Ceuk kuring can aya
Anu bisa ngelehan

Tahu sumedang
Tahu nu pang raosna
Komo di cengek-an
Komo lamun di sambel-an


Ngeunah ceuk murangkalih
Ceuk nu kolot ceuk nu ngora
ti peuting nepi ka hayam kongkorongok
Angger ngeunah ..ah..euy

Ceuk Sayah ! tahu ieu anu ngeunah
Ceuk Sayah ! tahu nu pang raosna, huhuye..!
Ceuk Sayah ! nu ieu karasa gurih
Ceuk Sayah ! tahu na teh matak hade..!

Sanes harewos
Karasa ku sorangan
Nu ieu can aya
Anu bisa ngelehan

Tahu sumedang
Tahu nu pang ngeunahna
Erek di sangu-an
Raos oge di tambul-an

Ngeunah ceuk murangkalih
Ceuk nu kolot ceuk nu ngora
ti peuting nepi ka hayam kongkorongok
Angger ngeunah ..ah...euy

Ceuk sayah! tahu ieu anu ngeunah
Ceuk sayah! tahu nu pang raosna huhuye..!
Ceuk sayah ! nu ieu karasa gurih
Ceuk sayah ! tahu na teh matak hade..!

Matak hade..! 


1 komentar: